Blognya si Ambu

Thursday, June 21, 2007

Nyanyi aja..

Persib kalah adu penalti..
(dah tau!)

Hehe..

Dan ada kabar untuk pelipur lara (cie...)
Dari Koran Sunda:

KORAN SUNDA
Anggara, 11 Sétra Paropoék, 1943 Caka
Salasa 19 Juni 2007
3 Jumadil Akhir 1428 H

Dino rék medalkeun album nu munggaran


BANDUNG (KS)
Palatih fisik Persib, Dino Sefrianto, rék medalkeun album lagu nu munggaran. Ngandelkeun dua judul lagu hits-na, Kuingin jeung Seandainya, Dino miharep album popna bisa ditarima ku masarakat.

Rarancangna, salian ti éta nu dua judul, Dino baris nyiapkeun 6 lagu deui keur ngawewegan jumlah lagu dina album perdanana. Malah, aya hiji lagu deui anu rencanana rék direuah-reuah ku sora haleuang para pamaén Persib, cara Suwita Pata, Edi Kurnia, Zaenal Arief, jeung nu séjénna.

“Kuring miharep pidu’ana, sangkan album kuring bisa ditarima ku khalayak pecinta musik Bandung,” pokna basa ngobrol jeung KS di Double Steak Café jalan Jawa, Senen (18/6).

Launching album
Masih ceuk Dino, rarancangna gé éta albumna the rek launching (dikenalkeun) mareng jeung milangkala Viking Persib Club dina bulan Juli 2007.

“Nyieun album téh geus jadi impénan kuring ti baheula. Matak ieu kasempetan bakal dimangpa’atkeun pisan. Sugan hasilna gé bisa mawa niléy positif keur Persib dina widang kasenian, disagédéngeun préstasi maénbalna,” ceuk eta palatih fisik.

Saméméh nyieun album, Dino gé kungsi ulubiung dina acara pamilihan Indonesia Idol sababaraha bulan ka tukang. Ngan hanjakal, harita manéhna kapeto ku masalah umur, nu geus teu nyumponan kana syarat ti panitia.

Tapi untungna, Dino wawuh jeung salasaurang talent scout (tukang néang bakat) dina widang nyanyi, ngaranna téh Rieke Adriati.

“Ibu Rieke téh nu boga jasa mantuan kuring bisa asup kana dapur rékaman,” pokna, wangun nu reugreug. *ndi

Dan dari Pikiran Rakyat.

Wekekek. Jadi, daripada sedih, mikirin kekalahan, yuk kita nyanyiiiii!

0 Comments:

Post a Comment

<< Home