Blognya si Ambu

Tuesday, June 12, 2007

SAÉMBARA NGARANG CARITA PONDOK

SAÉMBARA NGARANG CARITA PONDOK


Balai Pengelolaan Taman Budaya (BPTB) Jawa Barat, gawé bareng jeung Paguyuban Panglawungan Sastra Sunda (PP-SS), baris ngayakeun Saémbara Ngarang Carpon. Ieu Saémbara téh pikeun ngaronjatkeun kréatifitas ngarang carpon—pangpangna keur nu ngarora. Lima welas (15) naskah nu kapeunteun baris dimuat dina buku Antologi Carita Pondok nu medal Agustus 2007.

Katangtuanana:

1. Ieu saémbara diajangkeun keur saha waé nu umurna 20-40 taun, nganggo bukti KTP panganyarna.
2. Ngeusian formulir nu ti panitia. Formulir disayagikeun di Majalah Cupumanik, BPTB, atanapi tiasa di download di: www.ppss.or.id/formulir-carpon.doc
3. Naskah ditulis dina basa Sunda nu merenah.
4. Téma karangan bébas.
5. Panjang karangan 6-10 kaca A-4, diketik 1,5 spasi.
6. Naskah kudu asli, lain tarjamahan atawa adaptasi, can kungsi diilukeun kana saémbara séjénna, can kungsi dimuat boh dina média citak boh éléktronik.
7. Naskah katut file-na dina CD/diskét, paling elat katarima ku panitia tanggal 15 Juni 2007 (dikirim langsung atawa via pos) dialamatkeun ka:
Panitia Pasanggiri Carpon
Balai Pengelolaan Taman Budaya
Jl Bukit Dago Selatan no 53A
Bandung 40135
Telp (022) 2504912
Faks: (022) 2514368

8. Nu miluan saémbara bisa ngirimkeun naskah leuwih ti sajudul.
9. Karangan nu diilukeun kana ieu saémbara jadi milik panitia.
10. Juri netepkeun 15 karya pinunjul pikeun dimuat dina buku Antologi Carita Pondok. Salah sahijina baris dijieun dramatisasi carpon.
11. Para pinunjul baris dibéwarakeun dina acara “Pagelaran Dramatisasi Carpon jeung Peluncuran Buku Antologi Carita Pondok”, Saptu, 18 Agustus 2007, tabuh 19.30 WIB di Balai Pengelolaan Taman Budaya Jawa Barat.
12. Disayagikeun hadiah duit jeung piagem keur para pinunjul.

Bandung, Mei
Panitia Saémbara Carita Pondok








SAÉMBARA NGARANG DRAMA SUNDA


Paguyuban Panglawungan Sastra Sunda (PP-SS) rampak gawé jeung Téater Sunda Kiwari (TSK) baris ngayakeun Saémbara Ngarang Naskah Drama Sunda. Ieu saémbara téh minangka tarékah ngaronjatkeun minat pangarang nulis naskah drama Sunda. Naskah pinunjul dina ieu saémbara baris dipintonkeun dina Féstival Drama Basa Sunda 2008 TSK

Katangtuanana:
1. Saha waé bisa ngiluan ieu saémbara.
2. Naskah ditulis dina basa Sunda, mun aya kekecapan tina basa wewengkon atawa basa deungeun kudu diterangkeun sasaruaanana dina basa lulugu dina catetan kaki.
3. Naskah diketik dina keretas A4, 1,5 spasi, maké hurup Times New Roman 12pt (mun maké komputer)
4. Téma naskah bébas (komédi, tragédi, romantik, jsté asal teu méngpar tina tetekon, ugeran, papagon jeung moral bangsa katut agama.
5. Naskah asli (lain salinan/tarjamahan atawa saduran), can kungsi dimuat boh dina média citak/éléktronik boh dina buku, tur can kungsi dipéntaskeun.
6. Panjang karangan kira-kira 60 meniteun mun dipéntaskeun.
7. Jumlah tokoh jeung adegan teu diwatesan.
8. Unggal pangarang ngan bisa ngirimkeun hiji naskah drama (sajudul).

Cara ngirimkeunana:
1. Dina amplop ditulis “Saémbara Ngarang Naskah Drama Sunda PP-SS”, kirimkeun ka
Panitia Saémbara Ngarang Drama Sunda
Jl Taman Kliningan II no 5
Bandung 40264

2. Naskah diémbohan ku katerangan ngeunaan pangarang.
3. Lian ti kana pos, naskah bisa dikirim kana émail: pangarangsunda@yahoo.co.id atawa saembara-drama@ppss.or.id
4. Naskah kudu katarima ku panitia paling leuir 31 Agustus 2007 (cap pos)

Pangajén:
1. Panitia nangtukeun déwan juri pikeun niténan/ngajen dina ieu saémbara, sarta nangtukeun ugeran (kritéria).
2. Déwan juri milih lima (5) karangan pinunjul, sarta nangtukeun pinunjul I, II, III, jeung dua (2) pinunjul harepan.
3. Naskah nu jadi pinunjul baris diumumkeun bulan Oktober 2007
4. Disadiakeun hadiah keur para pinunjul

Bandung, Juni 2007
Panitia Saémbara Ngarang Drama Sunda

2 Comments:

  • Basa Sunda ya, hmm :(

    Sayang, Word nya gak ada feature buat cek spell dan grammar Sunda.

    Karek terang bahasa Sunda-na Piagam = Piagem

    :P

    Kabuur

    By Anonymous Anonymous, at 10:24 AM  

  • Itu PR buat generasi Sunda sekarang. Cek spell dan grammar Sunda, dalam tulisan Sunda maupun aksara Sunda
    *duh, mun tiasa mah ngadamel software Sunda...*

    By Blogger ambudaff, at 10:29 AM  

Post a Comment

<< Home