Blognya si Ambu

Friday, December 22, 2006

Keurseus Sajarah Sunda

Bewara! Bewara! Bewara!
Keurseus Sajarah Sunda

Upami leres baheula masarakat Sunda kagungan karajaan badag kaceluk ka awun-awun kawentar ka Nusantara, dugi ka mana badagnya karajaan Padjadjaran dibandingkeun sareng karajaan Majapahit atanapi karajaan Sriwijaya? Naha leres abad ka tujuhbelas, di Cirebon kantos aya seminar (gotra sawala) nu ngahasilkeun naskah Wangsakerta nu eusina istimewa, tiasa ngarobah sajarah Indonesia? Kunaon pa Otto Iskandar Dinata dipateni? Ku saha? Kunaon tokoh-tokoh Gerakan Sunda taun 50an, Adjam, Adeng, Tjetje, Tato, ditangkepan ku pamarentah? Salah naon? Naha leres Nagara Pasundan “hianat” ka NKRI? “Hianat” mana upami dibandingkeun sareng GAM, atanapi RMS, OPM? Numutkeun tilikan sajarah, naon wae kahengker sarta kapunjulan urang Sunda? Naha tiasa masarakat sareng paradaban Sunda hudang deui?

Tah, para mitra, nyacapkeun kapanasaran sapertos kitu, MANGLE rereongan sareng Masarakat Sejarawan Indonesia (MSI) Cabang Jawa Barat sarta Pusat Penelitian Universitas Padjadjaran, ngawitan Pebruari dugi ka Maret 2007, seja ngayakeun KEURSEUS SAJARAH SUNDA.

Maksad/Tujuan: masihan pangaweruh, ngaronjatkeun kasadaran sareng wawasan masarakat perkawis sajarah Sunda

Pasaratan nu ngiring keurseus:
1. Dibuka kanggo umum, minimum tamat SLTA/sadarajat
2. Mayar waragad keurseus ageungna Rp. 75.000 per sasih
3. Jumlah nu ngiring keurseus diwatesan dugi ka 50 urang

Fasilitas: makalah, snack, sertifikat

Materi keurseus:
- Raja-Raja Padjadjaran
- Kahirupan Menak Baheula
- Sistem Priangan (Preanger Stelsel)
- Agama Islam di Jawa Barat
- Naskah Wangsakerta
- Nagara Pasundan
- Gerakan Pamuda Sunda

Tanaga Pangajar:
1. Prof Dr Hj Nina Herlina Lubis MS
2. Mumuh Muhsin Drs MHum
3. Reiza Dienaputra Drs MHum
4. Andi Suwirta Drs MHum

Tempat keurseus:
Lembaga Penelitian Universitas Padjadjaran
Jl Cisangkuy no 62
Bandung

Daptar ngiring keurseus:
Saban dinten (iwal Saptu jeung Minggu) ti jam 10.00-16.00

Tiasa kontak ka
Tuti,
majalah Mangle
Jl Lodaya 19
Bandung
Tlp (022) 7303438
Fax (022) 7309720

Dur panjak, prung ah, padungdungkeun lur!

1 Comments:

  • Hi juga Jo! Kamana wae?

    Masa mesti di-translet sih? Hihi..

    By Blogger ambudaff, at 5:23 PM  

Post a Comment

<< Home