Blognya si Ambu

Sunday, September 28, 2008

Surat Lebaran

Basa diusulkeun
sangkan harga beas diturunkeun
geus dibere beja
jangji jeung pangharepan

Basa diusulkeun
sangkan harga lawon diturunkeun
geus dibere beja
moal lila bakal datang lawon ti Jepang

Lebaran ieu anaking
henteu kudu mulang ka lembur
ngalongok dulur-dulur

sabab maranehna apaleun
ongkos tutumpakan lain bantrak-bantrakeun

Lebaran ieu anaking
henteu kudu dahar seubeuh
henteu kudu dibaju weuteuh

Ayeuna taya paribasa puasa manggih Lebaran
urang puasa terus-terusan

Dibaju beja dicalana pangbebenjo

Anaking
Lebaran ieu urang ngariung sate jangji jeung angeun pangharepan

Minangka amis-amisna, urang recah kueh pidato


Rachmat M. Sas Karana,
penyair Sunda,
karya sekitar thn 1960-an.
Dimuat di Pikiran Rakyat 28 September 2008

0 Comments:

Post a Comment

<< Home